-->

wawacan gagak lumayung (part II)

Dangdanggula

337. Lajeng dangdos duanana ginding, jubah hejo sutra anu herang, ti Karaton kebat mios, angkat teu aya karidu, kacarios di lebet nagri, wakilna jeneng Raja, santri nu berelmu, malah gentos kakasihna, Sang Dipati Ukur Tamida wawangi, kantunkeun di nagara.
338. Kacarios Sunan Rohmat deui, Bagus Daka mani saban tempat, damelna nyunatan bae, boh di jalan boh di lembur, di mana mendakan jalmi, teras bae disunat, lampahna teh kitu, sakur kampung nu kasorang, Bagus Daka wuwuh tabah nya maraji, wuwuh tebih angkatna.
339. Dongkap deui kana tilas tadi, enya eta nyorang Pangadegan, turut-turut tegal Leles, rawuh ka tilas kapungkur, waktos ngawitan maraji, namung eta jalmi tunggal, aya keneh wujud, layonnajadi ngalitan, harita ge dipulasara tarapti, dikubur na tilasna.
340. Dipelakan tangkal salam hiji, dina lebah pakuburannana, dina lebah ngeureut peso, gek linggih Sunan luluhur, ngaduakeun ka nu lastari: ,Sampurna Iman-Islam, Jaga ieu kubur, janten lembur rame pisan, mugi-mugi sing tepi paneda kami, nelahna Salam-Nunggal."
341. Tos kitu mah lajeng angkat deui, sareng rayi Bagus Daka tea, ngidul mapay leuweung bae, liren heula luhur gunung, tengah alas hawana tiis, nelah Sangiang Tapak, tapak Den Lumayung, garenah ngadon lalenggah, keur hareudang angin leutik ngadalingding, gunung teh dingaranan.
342. Anu mawi nelah Leuweung Tiis, ti harita dugi ka ayeuna, Sunan Rohmat cacarios, teh emut dawuhan Rosul, yen kedah nyelang gaduh rayi, mung sesah milarina, Bagus Daka matur: ,Saupami kaleresan, aya istri wastana nyi Pugerwangi, teu ibu henteu rama.
343. Alo ibu eta istri geulis, putra bibi Imang anu wapat, saderek Dalem Pagedeng, karunya istri pahatu." Sunan Rohmat lajeng ngalahir: ,Iraha nya parengna, ulah henteu tumut, kana dawuh Rosullulah, pami mungkir kakang nolak gaduh istri, inggis awon temahna.
344. Margi pasti Gusti Kangjeng Nabi, bilih bendu pami yen nyumponan, nu mawi kedah rumaos, sing hirup dilebet hirup, dilainkeun da moal lain, sing tukuh ngadunungan, ukur kana kujur, kuring nu mawa kurungan, dagang bati kudu inget kana jinis, langlang keur bekel mulang.
345. Salira teh kedah sing patitis, mambrih luis ulah guling gasah, darehdeh saur nu sareh, ucap polah anu jujur, singahartos dayana Asih, ka manusa sing nyaah, Asah sareng Ngasuh, Peurihpeujit jadi Peurah. Peureuh-soca Maripat Nu-Mikaasih, purah Ngasuh ngelingan.
346. Boh lalaki atanapi istri, kedah pisan rarabi di dunya, nu nuluykeun turunan teh, wajibna kudu digugu, komo deui parentah Nabi, kakang teh inggis bahla, tah engke ka payun, tanwande rek dilakonan, ayeuna mah boga tugas jadi wakil, jadi Paraji Sunat.
347. Ayeuna mah geus meujeuhna rayi, urang ulah rek kamalinaan, betah genah di dieu teh, mepes kesang teh geus cukup, meujeuhna urang balik deui...,Tambakjaya kaliwat. Bagus Daka nyaur: ,Sumangga rayi ngiringan." Lajeng jengkar dongkap ka Cigunug Tiis, didinya teras siram.
348. Cari tempat miceun bangsa sibir, sawamaning Elmu kawedukan, dupi nu dipetakeun teh, Karamat Sunan Luluhur, lajeng ngadua bari calik: ,Cai ieu sing sangat, maksud miceun weduk, bisi aya tutunggakan." - Henteu lami ngadak-ngadak cai banjir, Bagus Daka kabawa.
349. Keur cumekak ngaleyong ku cai, eta cai henteu kanyahoan, sapertos nu caah dengdeng, anu palid wuwuh jauh, Bagus Daka seber panggalih, nyambat ka Sunan Rohmat, maksad neda tulung Sunan ngadeg di sisina, seug ngadua muntang ka Gusti Yang Widi, metakeun Karamatna.
350. Pek ditepak cai teras leungit, saat pisan kantun batu rapang, Bagus Daka teh nyerengeh, kaget sinareng gumuyu, nyaksi Karamat Sunan wakil, palidna sapamanah, harita ge nangtung, eta bangawan nu saat, kawitna mah namina Cigunung Tiis, kiwari Cikawedukan.
351. Daka sareng Sunan jengkar deui, parantos dongkap ka Tambakjaya, di dinya nyunatan bae, dina saban mendak lembur, Bagus Daka jadi Paraji, pigunungan pikampungan, taya nu kalarung, kebat ka Puger angkatna, nya laksana Sunan teh kagungan rayi, ka Pugerwangi tea.
352. Lalamina di Cihaurbeuti, pangantenan Sunan tos sabulan, geureuhana teras bobot, enggalna nu dicatur, nu bobot teh sapuluh sasih, dumugi ka babarna, putra kembar lucu, mung ibuna teras wapat, nuju nuus dipulasara lastari, matak kasmaran manah.
Asmarandana

353. Sunan Rohmat teh prihatin, rehing katilar ku garwa, putra taya nu ngarorok, kapaksa bae ku rama, estuning kahesean, gentos heula nu kacatur, saderekna Bagus Daka.
354. lbuna teh gaduh rayi, istri nuju kaleleban, reh dikantun putra maot, harita teh kaleresan, dirorok putra Sunan, anu nampi bingah kalbu, sarehna aya gentosna.
355. Wasta eta murangkalih, Pangeran Ali Muhamad, tah nya ieu cakalna teh, dupi nami nu bungsuna, nelahna Ali Akbar, dua murangkalih mulus, lami-lami Sunan Rohmat.
356. Ti dinya tos angkat deui, ngabujeng ka Kandang Serang, nya di dinya lajeng bae, ngadamel wakil nyunatan, ngahaja bae ngajar, dumugi ka puluh-puluh, tos seueur mah teras angkat.
357. Bagus Daka ge teu kanti, mapay-mapay pilemburan, enggalna ieu carios, satilasna nu ngajajah, Cilampeni Korobokan, Dayeuh Handap Dayeuh Manggung, Purbasana Panunggangan.
358. Ciparay sareng Cimahi, Cisiem teras Cikupa, Sangkan Pagedeng Cikaso, Mester Cirebon Cisangkan, Batara Cilolohan, Parungkawaru Cinunuk, Rancaekek Cicalengka.
359. Sukamanten Sukasari, Sukamenak Kandangserang, kana tilas deui anjog, ka Cihaurbeuti tea, manah Sunan kasuat, kagagas ku anu ngantun, emut ka garwa nu wapat.
360. Ka Bagus Daka ngalahir: ,Rayi ayeuna wayahna, di dieu sing kersa ngantos, rehna kakang kalamian, ulukutek di Jawa, sing gede hate dikantun, di Puger jeung anak kakang.
361. Bari asuh murangkalih, selang-selang marajian, sugan aya umur bae, dikersakeun ku Pangeran, rayi ge tunggal putra, wajib ngasih sareng ngasuh, ngasah Elmu mikanyaah.
362. Margi jagana mah pasti, mun pareng umurna panjang, ka Mekah sina masantren, kakang rek nyelang ka Mekah, bade unjukan heula, lapor ka Jeng Nabi Rosul, malah pamaksudan kakang.
363. Ieu dua murangkalih, ti Mekah baris dipapag, nya ku putra rayi bae, ku nu masantren di Mekah, kedah pasihkeun omat, tetepkeun di Bayan Nahu, masantren mukim di Mekah.
364. Ayeuna ge putra rayi, parantos gentos jenengan, putra putu sami gentos, putu Raden Tanjunglaya, gentos Syeh Abdul Patah, Layang Kamunding mah tangtu, wasta Syeh Sewunagara.
365. Syeh Abdul Patah mah rayi, selang-selang ngaos Kuran, ngasuh murangkalih bae, nya eta Syeh Bayanulah, dipiasih kacida, eta putra Bayan Nahu." Kadangu ku Bagus Daka.
366. Sakalangkung bingah galih, harita keneh unjukan: ,,Rayi teh kalintang rido, bade ditilar ka Mekah, Insya Allah duh kakang, mugi pidua nu makbul, ditarima ka Islamna."
367. Sunan Rohmat nyaur deui: ,Atuh ayeuna mah kakang, mustari dugi ka waktos, seja mios ayeuna mah." Bagus Daka munjungan, lajeng Sunan Rohmat ngantun, kebat ngabujeng ka Mekah.
368. Pek ngaos Kalimah Kalih, sakiceup parantos dongkap, ka payuneun Rosulluloh, munjung ka Nabi Muhamad, sareng ka pra Sahabat, barang saparantos munjung, Sunan Rohmat teras lenggah.
369. Harita ka Kangjeng Nabi, nyanggakeun buku catetan, ditampi ku Rosulluloh, sadayana sami bingah, ningal hasilna Sunan, di Jawa sumebar Elmu, Wajib Sunat tos sampuma.
370. Kebatna nu mangun tulis, Sunan tos linggih di Mekah, ku Rosul sanget dienod, kitu deui pra Sahabat, sadaya mikanyaah, komo Ali anu pamuk, ka Sunan siga ka putra.
371. Siang wengi dipiasih, nyaah langkung ti sadaya, Sunan Rohmat dicarios, mungguh dina panganggona, nu hideung kameu meutna, dastarjubah saput kayu, laken Mesir anu herang.
372. Barang dina hiji wanci, Sunan Rohmat dipariksa, ku Jeng Nabi Rosulluloh: ,He rayi Susunan Rohmat, waktu ieu kumaha, wayahna wakil nu estu, najan sakumaha betah.
373. Sabab kaula teh watir, ka umat anu di Jawa, ku rayi kedah kahartos, kapan wawakil di Jawa, poma ulah rek samar, sanajan ka Mekah jauh, sami bae lbadah mah.
374. Marga jalan anu Suci, sumawon rayi sorangan, dalah umat nu sanes ge, anu cengeng ibadahna, ku kami ditarima, dunya akherat nu estu, tah kitu mangka uninga."
375. Keur waktos Nabi ngalahir, Malaikat nyaraksian, saur Kakasih Yang Manon, Sunan Rohmat seug ngandika: ,Kulanun satimbalan, abdi mah sumeja tumut, nyanggakeun dikabodoan.
376. Jisim abdi bingah ati, nguping pilahir gamparan, nuhun taya bandingna ge, guligah tur moal samar, najan aya di Mekah, upami Gusti teu purun, henteu nampi hal ibadah.
377. Tangtos mubah jisim abdi, kawelas katampi salah, yen bodo katotoloyoh, nuhun pangasih gamparan, bungah kalingga murda, dicangreud pucuking rambut, nyanggakeun sadaya-daya."
378. Jeng Nabi ngadawuh deui: ,Mun owel ku taneuh Mekah, ti dieu teh mawa bae, tah ieu enggeus sadia, taneuh Mekah dipetian, sing jadi taneuh nu makbul, malah mah aya baturna.
379. Taneuh pucuk Gunung Jati, lamun keur dibawa ragrag, rayi omat ulah kaget, eta pangmurag di dinya, pikeun tempat Oliya, jaganing pageto tangtu, ku rayi teh kasaksian.
380. Tanah Jawa aya Wali, dina lebah taneuh tea, sarta ieu jangjina teh, lamun peti enggeus goyang, koclok hese dipondah, rayi dinya kudu turun, keur tempat kudu di dinya.
381. Papada aya di Jawi, kumaha ieu koclokna, omat rayi sing ngahartos, di dinya tempat ibadah, tempat koclok petina, saha jalma anu weruh, kana tempat rayi tea.
382. Tangtu senang mulya diri, ditebihkeun balahina, pinasti Sapaat gede, kolot budak cacah menak, pasti meunang nugraha, Kumianing Maha Agung, dijungjungkeun darajatna.
383. Harita Ratu Jin hadlir, ngiring nyambungan kanyaah, ka Sunan Wakil Jawa teh, nya eta masihan kuda, tedaking ti Jabalkap, Samparani hejo alus, bisa ngambah awang-awang.
384. Ratu Akhbar Rajaning Jin, lajeng eta peti tea, momot kana kuda hejo, lir upami kuda umbal, Ratu Akhbar ngandika: ,,Sunan kedah tunggang estu, kana ieu luhur kuda."
385. Sunan teh ngewaler manis: ,Naha kumaha petana, kapan aya peti gede, beurateun moal kabawa, gede teuing momotna, turta heurinna kalangkung, momot bari dititihan."
386. Gumujeng nyaur Ratu Jin: ,Sunan Rohmat sing uninga, lain anjeun anu momot, moal rek mopoeun kuda, najan loba tindihna, Karamat anjeun keur manjur, Gusti aub Mujijatna.

Kinanti

387. Sunan Rohmat nyaur imut, tumaros ka Ratuning Jin: Naha teu dikadalian?" Ratuning jin imut manis: ,Najan teu dikadalian, moal burung nyaho margi.
388. Da aya Kadali-Matuh, Karamat nu Jadi-Harti, najan dugi ka Akherat, batan Pegat anggur Ngonci, tah ieu Suratna candak, nya eta Sarat-Kadali."
389. Ngadalian kuda putus alit rupina kadali, mani mung sagede kawat, pangandikana Ratu Jin: ,Bapa jangji kana kuda, engke lamun kuda leungit.
390. Namung kadali mah kantun, lamun teu make kadali, ieu kuda milu betah, ka Sunan di Tanah Jawi." ,Nuhun" saur Sunan Rohmat, tutas sauma Ratu Jin.
391. Kangjeng Nabi seug ngadawuh, gentrana alon tur manis: ,Rayi sing tetep di Jawa, sabab engke mah ka Jawi, moal diantep ku kula, dituturkeun ku Pra Alim.
392. Antosan bae diditu,najan seuweu putra kami,jaganing pageto uga, tinangtu datang ka Jawi, bisi nyorang katugenah, ke rayi di Pulo Jawi."
393. Bingah manahna Lumayung, tumaros deui ka Nabi: ,,Jisim abdi gaduh anak, masantren di dieu Gusti, nya eta di tanah Mekah, Syeh Abdul Manap panglandih.
394. Ngaos di Syeh Bayah Nahu, mugi neda wangsit Gusti, eta sing mulang ka Jawa." Pangandika Kangjeng Nabi: ,Rayi ulah rek sumelang, tangtu dijurung ka Jawi."
395. Najan mukim taun-taun, di ahirna mugi-mugi, sing aya manah ka Jawa, mangga geura mios rayi." Susunan lajeng munjungan, parantos munjung ka Nabi.
396. Teras ka para Sadarum, Sahabat opat teu kari, ti dinya teh teras mapay, munjungan ka Ratuning Jin, anu munjung lalamina, nyeta ka Bagenda Ali.
397. Ali katawisna ngangluh, bade paturay lir sedih, estu beda ti biasa, raosna putra pribadi, Sunan Rohmat diusapan, mastakana banget asih.
398. Susunan sumungkem nyuuh, nangis dina pangkon Ali, nu ningal ge cumalimba kagagas sinareng ketir, ting sariak lebet manah, ngeyembeng cisoca mili.
399. Ali seug alon sumaur: ,Duh deudeuh teuing anaking wayahna da kawajiban, sipat Satria - Sajati, kukuh ngabela Agama, sabar adil tigin jangji.
400. Tong unggut kadupak lindu, tong gedag kabawa angin, ulah rek sakaba-kaba, ulah ngarasula ati, pasrah ka takdir Yang Sukma, nu ditulis di Azali.
401. Anggur kudu beuki suhud, ngukuhan Agama Suci, di mana bae Ibadah, ku Gusti mah katingali, sakitu bapa wasiat, kudu inget beurang peuting.
402. Bapa ge hayang ka ditu, mung bae teu aya widi, keukeuh bapa-muntang-muntang, najan bapa teu ka Jawi, ku anak incu kasorang, baring sukpagi pinasti.
403. Ayeuna meujeuhna Agus, nitih ka wanci mustari, les Raden disambung dua, sing lulus aya di Jawi, ulah aya kuciwana, mugi dijaring ku Gusti."
404. Sunan ngalengis sumaur ,Pilahir bapa katampi, di. cangcang pucuking rema, disimpen di ati suci, sareng mugi ngahampura, kana kalepatan abdi."
405. Nu sono parantos putus, kenging pangjiad ti Nabi, rawuh ti para Sahabat, lajeng mios Sunan Wakil medal, ti lebet nagara, nitih kuda Samparani.
406. ,Bismilah" lebeting kalbu, kuda nyemprung ka wiati, kumolepat kadya kilat, angkatna bareng jeung angin, waas pabaur kagagas, ngalayang na mega kuning.
407. Nyulusup na mega paul, mipir-mipir mega putih, tumurun di Pulo Selan,. petina koclok sakali, kudana, mah masih aya, pucuk Gunung Jati masih.
408. Kuda biur deui mabur, sakilat parantos dugi, lungsuma lebah Jakarta, petina koclok sakali, kuda masih keneh aya, kitu deui Gunung Jati.
409. Ti Jakarta deui ngapung, kumalayang di wiati, jut lungsur di Bagenda Syam, reh peti koclok sakali, kuda masih keneh aya, pucuk Gunung Jati masih.
410. Ti dinya parantos mabur, sakilat parantos dugi, lungsur di Gunung Amparan, rehing peti koclok deui, pucuk Gunung Jati ragrag, kangge tempat para Wali.
411. Jaganing pageto tangtu, bakal lahir para Wali, nya eta di nagri Cempa, ahir nelah Gunung Jati, namung kuda masih aya, ti Amparan mabur deui.
412. Nyoloyong kuda nu ngapung, bangun dibantun ku angin, dastar jubahna kumelab, gugupay kadupak angin, waas ningali ka handap, kelar pabaur jeung ketir.
413. Angin nebak bangun ngasuh, ka Sunan Wakil miasih, nu nuju jadi utusan, angin nyecep ngadalingding, panganggona ting kalelab, gugupay ka tilas tadi.
414. Reugreug pageuh anu ngapung, teu aya pisan karisi, henteu rempan ngawang-ngawang, puguh tuman ti aalit,, bentenna mung nganggo kuda, baheula mah ngapung jinis.
415. Ngahiuk kuda nu maju, barita parantos dugi, lajeng lumungsur di Karang, reh petina koclok deui, kuda masih keneh aya, di Karang teh henteu lami.
416. Harita ge teras ngapung, ngalayang nuju wiati, jut lungsur di Gunung Rahmat, petina koclok sakali, kuda masih keneh aya, ti guha Rahmat teu lami.
417. Kuda geus mumbul ka luhur, sakilat lampahing rangin, kuda teh beger kacida, hohoang pun Samparani, sareng peti koclok genjah, lumungsur di gunung Suci.
418. Sawetaneun Dayeuh Manggung, peti koclok kuda leungit, Samparani ilang musna, anu kantun mung kadali, rawuh sareng parabotna, petina engab pinasti.
419. Sunan teh parantos maphum, seug dibuka eta peti, eusina teh taneuh Mekah, sareng hiji buli-buli, nu dieusi ku Erjamjam, aya serat lebet peti.
420. Ungeling serat kamalum, kieu uni eta tulis: ,Ieu taneuhna dibawa, bisi hidep teu tingali, tapel Kubur anu mawa, di dieu di Gunung Suci.
421. Ieu Erjamjam disebut, nu di jero buli-buli, kangge tanda hidup mulya, Luluhur di Tanah Jawi, ngambahing Islam Sampuma, tegesna Murid Mukamil.
422. Panglinggihan hidep estu, Godog asal kocok peti, hartina golodog Tunggal, lalampaban anu linggih, tina geus asrah nya manah, ngimankeun ka pangkon Nabi.
423. Disebut Wali Luluhur, sababna Wawakil Nabi, tanda kaula Muhamad, Rosulluloh Nagri Suci." Tah kitu unggeling serat, Gagak Lumayung gek linggih.
424. Parantos tetep Lumayung, di dinya na tilas peti, maksadna teras tatapa, rehna hoyong enggal tepi., keyeng manteng khusu niat, ngacik pirang-pirang sasih.
425. Jejeg nu tapa sataun, nyambuang harum wawangi, Panembahan sami dongkap, ka darinya ngadon nyungsi, Sembah Dalem Pagerjaya, Sembah Kuwu Kandangsakti.
426. Sembah Dora nu katilu, ngadeuheusan ka nu nyepi, Wakil Luluhur teh bingah, nyambat nyaur wedi asih: Hiyap para Panembahan, kang putu geus dumuk linggih.
427. Urang bakal seueur tamu," Tilu Panembahan gasik, harita teh marunjungan, sasalaman sareng Wakil, beres anu marunjungan, teras sadaya lalinggih.
428. Opatan sami sumaur, rehing tina bingah galih, tepang sareng Ratu Islam, Senapati Kangjeng Nabi, Wawakil sa Tanah Jawa, anu linggihna di Suci.
429. Godog kawitna Gegedug, Luluhur sa Tanah Jawi, gegedugna Pajajaran, Luluhur ti Tanah Suci, tug dumugi ka kiamah, Suci nu Sumebar Wangi.
430. Ieu Sajarah ditutup, manawi bahan katampi, mugi ageung hapuntenna, tangtos seueur nu pabeulit, ku margi sanes ahlina, sepi harti tuna budi.
431. Hatur lumayan kulanun, etang-etang keur panggeuing, terah teureuhing Ki Sunda, piraku diapi lain, seuweu siwi Pajajaran, anu linggihna di Suci.
432. Pur kuntul mung kantun tunggul, ngusik-ngusik ula mandi, lar gagak mung kantun tunggal, tunggal sanini-saaki, lemah cai Pajajaran, ayeuna mung kantun nami.
433. Sajarah nu jadi tuduh, tapak anu jadi saksi, tilas Luluhur baheula, sumangga geura paruji, puja da puguh turunan, aji ujian ki diri.
434. Ki Sunda ulah kakantun, ngudag Elmu lahir bathin, bongan ngagaduhan Bangsa, saksi gaduh Lemah Cai, Basa na pek pulasara, saha anu belapati.
435. Upami Ki Sunda runtuh, saha nu ngarasa nyeri, saha nu bade nalangsa, iwal siwi Siliwangi, nu geusan wajib bebela, lali rabi tegang pati.
436. Kangge naon gaduh umur, teu ngabela lemah cai, Bangsa Basa dama-dama, ulah rek kaluliluli, tawis ngabela turunan, prak tembongkeun seuweu siwi.
437. Mung sakitu nya mihatur. Ogan lopian nu pakir. Sumangga hatur lumayan. Urang tong ngaapi lain. Ruat seuweu Pajajaran. Anu gaduh Lemah - Cari.
438. Tumutkeun pitapak sepuh. Moal sugema kaandih. Anak putu moal genah. Naha teu ngaraos peurih, Panghina sing jadi peurah. Asah sing seueur nu ngasih.
439. Sunda mangga geura Asuh. Itikod tong silih siih. Rawat kedah pikanyaah. Kumbah ku ati beresih. Omean panyawat salah. Jalankeun nu welas asih.
440. Yakin di ahima mulus. Ananging manah sing luis. Batih luis lahir luas. Asal siwi Siliwangi. Ngantunkeun harum kananga. Dung anu nyebar wawangi.***


-TAMMAT-